Selasa, 19 Januari 2010

GERENTES HATE

Hiji wanci urang tepang munggaran
barang amprok pada lalagasan
nunda rasa geter katresna dina hate
rasa ika welas mika asih
lir ibarat caang bulan opat welas
bagja taya bandinganana
ngahiliwir angin nu ngadalinding
ngahudang rasa katresna ka panutan
duka saha......
duka dimana.....
teu bisa nyimpen rusiah hate
duh Gusti nu agung,
pasihan abdi jalan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar